Dina alam pikiran urang Sunda, sigana salah sahiji sato nu paling deukeut téh nyaéta maung lodaya. Duka, kuring gé can apal kumaha jujutanana bet bisa kitu, tapi nu puguh mah, sakadang maung téh asa ku dalit-dalit teuing jeung urang Sunda, utamana di sabudeureun dedegan Prabu Siliwangi atawa Karajaan Sunda-Pakuan Pajajaran. Kodam Siliwangi wé tempo, lambangna téh lodaya. Ogé Pérsib, kapan katelahna téh Maung Bandung.
Nepi ka danget ieu, kuring can kungsi ngadéngé ayana naskah Sunda kuna nu ngahubungkeun dedegan manusa Sunda jeung lodaya. Geus puguh ari dina buku atawa makalah-makalah sajarah ilmiah mah, asana teu kungsi aya nu ngabahas ngeunaan ieu sato.
Dina naskah, nu kungsi kabaca ngeunaan lodaya téh nyaéta dina naskah ti Ciamis (ahir abad ka-19/awal abad ka-20) , nu nyaritakeun prosés ngabukbak rawa Lakbok. Cenah, dina hiji poé, masarakat nu keur ngabukbak téh kaganggu ku ayana lodaya nu kaluar ti panyumputanana (nya heueuh baé, kapan nu masarakat sorangan anu ngabuburak tempat hirupna éta sato, leuweung Lakbok téa). Dina éta naskah disebutkeun ayana jalma nu nyobaan ngayonan éta maung, tapi kalah éléh. Tapi, saterusna mah, sakadang maung téh bisa dipaéhan. Euweuh nu ahéng.
Dina bahasan sajarah, masalah lodaya téh mucunghul dina laporan Scipio, urang Walanda nu keur ngayakeun ékspédisi ka wewengkon Bogor (asana mah abad ka-18). Sakumaha anu kaunggel dina sababaraha catetan sajarah, Pakuan Pajajaran salaku puseur karajaan Sunda (perenahna téh kira di Kota Bogor ayeuna) téh kungsi sababaraha kali dirurug pasukan ti Banten, nepi ka burakna dina taun 1579 (mun teu salah). Ti saprak harita, dayeuh Pajajaran téh ditinggalkeun ku sakabéh pangeusina, nu lajeng ngababakan di séjén tempat. Anapon para ménakna mah, cenah sabagian aya nu ngungsi ka Sumedanglarang, aya ogé nu ngungsi ka Pulasari. Tah, bayangkeun wé, ti burakna taun 1579 nepi ka ékspédisi Scipio téh aya heuleut dua abad. Pantes meureun, wewengkon nu tadina dayeuh Pajajaran téh mindah rupa jadi leuweung geledegan.
Balik deui kana masalah lodaya, tah, Scipio nu dibarengan ku anak buahna téh anjog ogé ka hiji leuweung. Di éta leuweung, cenah manéhna manggih tatangkalan badag anu posisina ngabaris. Lajeng di salah sahiji tempat di éta leuweung, manéhna manggihan lemah anu ngarunggunuk, kawas pasir, nu horéng aya liangan (guha téa meureun ngaranna). Basa dipariksa ku salah saurang anak buahna, éta guha téh horéng sayang lodaya.
Tah2... boa2... Kuring mah boga panyangka, yén asal-usul dalitna Sunda jeung lodaya téh asalna ti dinya. Patilasan Prabu Siliwangi di Pakuan-Pajajaran téh dina lalampahan sajarahna, horéng kungsi jadi sayang lodaya. Boa2... gara2 dieusi ku bangsa lodaya, pangeusi Pakuan-Pajajaran téh der baé, dianggap jadi lodaya... Aya hiji pananya kuring téh: mun enya lodaya téh dalit jeung alam pikiran urang Sunda, ti saprak iraha?
Hatur punten, tulisan ieu téh teu maksud nanaon. Ukur ngedalkeun angen2, mudalkeun kapanasaran diri. Bilih aya nu gaduh pamendak, dihaturanan, ulah asa2 ngintunkeun koméntar.
(pikeun nu resep dongéng, mangga aos carita "Silalatu Gunung Salak", nu ngalalakonkeun Sanaya dina latar Sunda jaman dijajah Kumpeni-VOC)
Rabu, 04 Februari 2009
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Nya kedah sumpingna ka bogor we kang etamah, atanapi pmi kersa mah ka ditu ka lembur abdi Sancang Garut Kidul tah didinya oge saurna aya patilasan Sri Baduga Maharaja Prabu Siliwangi.. ceunah ngungsi kadinya teh kusabab diserang ku putu/incuna ti kerajaan demak nyaeta raden fatah tea teras we bubuara di sancang, kantos disumpingan ku putuna tea raden patah di ajak deui ka puseur pajajaran kalayan ngagem agama islam mung prabu siliwangi masihan waleran kumaha tongkat saktina wae ku cara motongkeunana, mung pas tongkatna dipotongkeun sanes tempat/karajaan nu megah sareng prabu siliwangi lebet islam tv eta karajaan teh janteun leuweung kalayan nu araya didinya janteun "maung lodaya" tea.. teras kantos deuih di ajak lebet islam ku putrana Prabu Kiansantang nu tos mulih ti nagara arab nantang Nabi Muhammad nu nuju ngadamel masjid di madinah, mung dihalangan ku sayyidina ali teras ngadu jajaten ku cara nyabut tongkat nu ditancebkeun ku sayyidina ali tv prabu kiansantang kawon taluk teu tiasa nyabut eta tongkat sayyidina ali.. didinya prabu kiansantang tumut ka rosul kalayan dugika lebet islamna harita keneh.. cag, hanca!!
BalasHapuseta ge ngadangu dongengna ti pun bapa nu saurna kaleresan gaduh kakaitan karuhun di Leuweung Sanacang...
moal karena kitu "maung lodaya" cakeut sareng urang sunda?? wallahu alam bishowab...