"TI URANG, NU URANG, KU URANG, KEUR BALAREA"

Selasa, 03 Februari 2009

Pantun Bogor Geus Ngaramal Pamingpin Bangsa

Rundayan kalimah Pantun Bogor di antarana mere ciri siloka pamingpin
bangsa lemah cai, aya anu digambarkeun adeg pangadegna atawa
ngeunaan pasipatanana. Nurutkeun katerangan Anis Jati Sunda pantun
Bogor anu aya patula patalina jeung suksesi kapamimpinan nasional
diantarana saperti kieu (bukti rekaman aya dinu nulis) :
1. Raja make makuta papak naek hulu banteng (ku Pa Anis diidentikeun
jeung Presiden R.I ka I Soekarno).
2. Raja Ngabeungeut kuda, anu kudu adil para marta teu laksana,
Adilna ka para mitra, ka dulur jeung ka sasama (diidentikkeun kana
kajadian remenna Kolusi, Korupsi jeung Nepotisme dina mangsa Orde
Baru)
3. Astrajingga jadi raja tapi ngan sakeudeung (BJ Habibie)
4. Naga Lolong Unggah Karaton (Abdurrahman Wahid)
5. Putri Pamunah Ngadeg Ratu (Megawati).
6. Si Pulung Budak Angon Nu ngalalakon , aya awewe ngagondeng para
ulama nu teu barisa ngaji (koalisi kebangsaan.)
Pantun Bogor najan kurang dipublikasikeun teu saperti ramalan
karuhun kejawen Jongko Joyoboyo, geus kabuktian yen karuhun tatar
Pasundan geus masagi dina sual faham futuristik, tangtuna ari prak
prakanana mah kumaha nu macana rek percaya atawa henteuna.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar