"TI URANG, NU URANG, KU URANG, KEUR BALAREA"

Senin, 02 Februari 2009

Migrasi Ka Kidul..

Ceuk carita Sajarah, cenah karuhun urang Indonesia teh (kaasup Urang
Sunda) asal muasalna ti daratan Cina. Karuhun urang migrasi ka kidul
kulantaran kasedekeun ku etnik sejen. Kajadian ieu waktuna rewuan
taun katukang.

Sajarah cenah sok dibalikan deui. Jaman ayeuna, kulantaran di tempat
asalna geus teu genah deui, murudul deui manusa nu ngungsi ti beulah
kaler. Taun 1970'an manusa parahu ti Indochina (Vietnam & Kamboja)
nu ararasup ka Indonesia. Ayeuna pisan pangungsi ti Myanmar nu
ngabrul, kulantaran di nagarana didiskriminasi jeung diuber-uber.
Beda jeung jaman prasajarah, ayeuna mah pulo-pulo di kidul geus
eusian manusa nu loba pisan .....

Tidak ada komentar:

Posting Komentar