"TI URANG, NU URANG, KU URANG, KEUR BALAREA"

Selasa, 03 Februari 2009

Nitenan Taun Anyar Imlek

Moal lami deui satiap urang Tionghoa kalebet warga nagara Indonesia
turunan Tionghoa baris ngagungkeun poean anyar Imlek, nyeta dina
tanggal 26 Januari 2009. Teu sadaya urang Tionghoa uninga kana
hakekat sinareng makna eta pananggalan taun enggal Imlek. Kajurung ku
hal kitu, pribados nyobian ngaguar makna tradisi pananggalan imlek,
nu mudah-mudahan aya manfaatna kanggo urang sadaya anu masih keneh
lebeng tacan uninga kana eta dintenan tradisi adat Tionghoa nu
kalintang diagungkeunnana.

Asal muasalna kecap Imlek teh taya sanes kawitna mah tina dialek basa
Hokkian nu pihartoseunnana "Pananggalan Bulan" atanapi "Yinli" dina
basa Mandarin. Di Tiongkok, taun enggal Imlek langkung kasohorna teh
nu disebat "Chunjie" nu hartosna upacara agung "Musim Semi". Upacara
adat tradisional eta oge nu disebat "Guo nian" nu pihartoseunana
pananggalan taun enggal. Ari di Indonesia mah kasohorna Imlek teh
nyeta pikeun mieling lahirna Kong Hu Chu nu babarna taun 551 SM.
Janten bentenna panananggalan Imlek sareng Masehi teh kirang langkung
551 tahun. Saupamina bae kiwari tahun Masehi 2009, ari kanggo taun
Imlek mah janten 2009+551 = 2560.

Biasana saupami urang mendakan kecap Imlek, sok otomatis emut kana
Angpauw (basa Hokian) atanapi Hong Bao (basa Mandarin) nu
pihartoseunnana amplop beureum nu eusina artos. Angpauw teh kalintang
dipikaresepna ku marurangkalih. Malihan mah oge dipikaresep ku para
inohong pajabat kiwari nu resep narampi angpauw.

Saur sepuh kapungkur, ayana Angpauw teh sanes sakadar pikeun nyandak
hoki atanapi panasiban sae hiji jalmi, tapi oge tiasa dianggo
panyalindungan kanggo murangkalih alit tina sagala gangguan mahluk
jahat anu disebat "ya sui qian". Aya hiji roh jahat nu dilandi Sui,
nu salawasna hadir satiap satahun sakali nu bakal ngaganggu barudak
alit. Kukituna, kanggo panyalindungan tiasa digunakeun artos logam
atanapi koin nu dibungkus ku ku kertas beureum teras disimpen
handapeun bantal pangsarean barudak. Maknana mah taya sanes, mun tea
mah aya seuneu ngagedur meuleum kertas beureum tea tiasa janten
panolak bala tina gangguan mahluk jahat. Rupina ampir sami sareng
conto Drakula nu teu kiat upami ningal salib.

Sakawitna nurutkeun adat tradisional kuno mah, nu tiasa kaluar pikeun
silaturahmi dina dinten munggaran tahun enggal teh mung kanggo kaum
pria wungkul. Namung kiwari mah cara kitu teh tos robih kacandak ku
arus jaman. Sinareng deui nu ngawitan ditepangan teh kedah
dipayunkeun heula pihak kulawarga pameget, nembe dilajengkeun ka
kulawarga ti pihak istri. Atuh saterasna mah tiasa dilajengkeun ka
para kulawargi sanesna. Adat kitu teh teu benten sareng adat Jawa nu
sungkeman ka para sepuhna, dalah urang Tionghoa ge sami nu sering
disebat tee-pai.

Cara soja nu leres nyeta nu didasarkeun kana padoman Yang nungkupan
Yin. Panangan katuhu dikeupeulkeun lajeng panangan kiwa nungkupan nu
kanan. Ramo jempol duanana patempel ajeg. Soja kanu saluhureun
sajajar sareng lambey; soja kanu satingkat sajajar sareng dada; soja
kanu sahandapeun sajajar sareng beuteung; soja ka para dewa sajajar
sareng soca; ari soja ka Tuhan Nu Maha Esa mah kedah diluhur sirah.
Kitu mitutur aturan padoman soja mah.

Peryogi kauninga rehna tahun ieu teh ngarupikeun tahun Kebo/Sapi.
Kapercantenan budaya Tionghoa mah nu disebat budaya Cap Ji
Shio/Chinese Horoscopes, nyaeta kabiasaan bangsa Cina nu nangtoskeun
tahun Imlek teh digolong-golongkeun kana rupa-rupa sasatoan nu
seueurna 12 sato. Contona pikeun jabang bayi nu babarna dina ping 29
Januari 2006 dugi ka taun 2007 bakal ngagaduhan shio gogog alias
anjing. Adat kabiasaan kitu teh tos lumangsung lami langkung ti 2000
tahun. Disebatkeun dina alkisah sang Budha, kantos mantenna nyauran
sasatoan nu aya di leuweung geledegan. Maranehna pada ngarantay
nepangan sang Budha nyaeta Beurit, Kebo, Maung, Kalinci, Naga, Oray,
Kuda, Embe, Monyet, Hayam, Anjing, teras nu panungtung nyaeta sato
Babi.

Sanaos mung saukur dongeng, nanging bewara diluhur tadi teh tos
janten panutan sareng kapercantenan masarakat Tionghoa. Malihan sok
dihubungkeun sareng pernasiban budak sareng tarekah nyiar pijodoeun.
Contona bae hiji jajaka nu lahir dina taun Hayam moal cocok upami
nikah ka wanoja nu lahirna dina taun Anjing. Kitu deui jajaka nu
lahir dina taun naga, moal cocok sareng wanoja nu lahirna dina taun
Maung.

Aya kaitannana sinareng upacara Imlek, nyaeta katuangan nu kedah
disayogikeun ku masarakat Tionghoa nu ngagem kana ieu kapercantenan,
nyeta nu disebat kueh karanjang (Nian Gao). Kecap "kue" atanapi "gao"
ngandung hartos sami sareng "luhur", dalah kecap "nian" mah hartosna
taun. Janten sacara harfiah simbolis diharepkeun pisan kadudukan
atanapi jabatan sinareng kamakmuran satiap taun langkung ngalonjak.
Eta nu janten alesan, numawi di satiap kelenteng sok diayakeun
susuguh kueh-kueh karanjang salaku sasajen nu disusun sapertos gapura
bertingkat.

Kue karanjang eta disuguhkeunnana, ti ngawitan upacara sembahyangan
ka para luluhur salami genep dinten dugi ka waktos dintenan upacara
Taun Anyar Imlek (Jie Sie Siang Ang). Puncakna teh nyeta dina acara
wengian taun baru Imlek. Kue karanjang nu dijantenkeun susuguh tea
biasana tara ditaruang dugi dintenan Cap Go Meh nyeta maleman ka 15-
an.

Dina maleman taun anyar Imlek biasana urang Tionghoa sok balakecrakan
taruang di bumina masing-masing atanapi di restoran. Rengse taruang,
marantenna sok teras bagadang atanapi melekan sawengi jeput, kalayan
panto bumi dibuka salebar-lebarna. Saurna mah supados laluasa seueur
rizki nu lalebet.

Aya hiji hal nu janten kapercantenan urang Tionghoa dugi ka kiwari
nyeta mitos perkawis Dewa Dapur. Saurnah, eta dewa teh uningaeun
pisan kana kaayaan rumah tangga. Eta dewa jenengannana Dewa
Dapur "Zao Wang Ye" ( Ciao Ong Ya=Hokkian ), jalaran sagala rupi
gosip justru tumuwuh ayana di dapur. Sajabina kitu teh, oge katuangan
nu disuguhkeun tos nembongkeun ciciren kaayaan kaluarga, naha
kalebet kaluarga beunghar atanapi masakat.

Sataun sakali eta Dewa Dapur sok mulih mudik seja ngalaporkeun ka
Sorga. Sang Dewa Dapur kasohor boga adat bawel. Kukituna supados
laporannana ka sorga henteu ngawur, bahamna teh kedah diwewelan heula
ku "Kue Karanjang" supaya lengket moal tiasa ngalaporkeun atanapi
cumarios nu arawon, tapi nu sarae sareng aramis bae.

Kukituna dina luhureun altar Dewa Dapur seuring disimpenan keretas nu
aya seratan: Sang Dewa nu Mulia, laporkeun ka Sorga teh nu sarae wae.
Atuh engke saupami pangersa mulih ti langit kadieu deui omat candak
nu seueur sinareng ageung manfaatna.

Katuangan sanesna nu sering disogrogkeun dina upacara Imlek nyaeta
lauk Bandeng, jalaran lauk bandeng mah ngalambangkeun rizki. Dina
logat Mandarin, kecap "lauk" sami hartosna sareng kecap "yu" nu
hartosna "sesa". Sering oge katingal dina gambar lukisan salapan lauk
sok diseratan "nian nian yu yu " nu pihartoseunnana unggal taun teu
weleh narima rezeki. Nanging ari pikeun sim kuring mah, rupina
langkung cocok saupami diseratan "nian nian yu mei mei" nu hartosna
unggal taun pasti aya wanoja nu nempel sagigireun pribados.

Sajabi lauk Bandeng teh oge kedah aya susuguh bubuahan nyaeta jeruk
koneng nu lazim disebat Jeruk Emas (Jin Ju ). Langkung merenah deui
upami eta jeruk teh masih keneh aya daunna. Eta nandakeun lambang yen
rizkina baris nambah teras. Kecap "jeruk" teh dina basa Tionghoa mah
sami sareng "Da Ji", nu pihartoseunnana seueur rizki.

Ari buah "Apel" ngandung hartos "ping ping an an ", pihartoseunana
sami sareng " Da Li " nyaeta kasehatan sareng kasalametan. Buah Pear
teh ngalambangkeun kabahagiaan nu hartosna " Sun Sun Li Li ".

Eta bubuahan nu tilu rupi teh sok dipajangkeun dina meja sambahyang
nu piunggeleunana "Da Ji Da Li Sun Sun Li Li " hartosna seueur rizki,
kasehatan nu prima, unggul dina kasalametan sinareng kabahagiaan.

Kitu deui dina hal mere maweh ka sasama utamina ka kaum malarat,
kedah lipat 2 (dua), janten salamina jejeg atanapi jangkep. Naon
margina kitu, jalaran aya kapercantenan urang Tionghoa nu unina " Hao
Shi Cheng Shuang " nu hartosna samudaya nu sarae kedah sumping
papasangan.

Supados rizki henteu enggal-enggal ludes, dikedahkeun nyumputkeun
sapu, jalaran aya hiji pantangan nyeta diwagel pisan dina dintenan
Imlek sasapu dilebet bumi. Kitu deui dina dua dinten saparantosna
dintenan Imlek.

Kitu deui dina waktos dintenan Imlek dikedahkeun masang petasan,
jalaran aya kapercantenan hal eta tiasa ngadongkapkeun kabagjaan
sinareng kadamean sapanjang tahun. Petasan teh ti baheula keneh ge
parantos aya sawaktos jaman Dinasti Tang (618-907). Wartosna upami
mayunan dintenan Imlek teh sok rabul daratang monster jahat nu
jenengan Guo Nien. Eta para monster teh cenah kirang sakti saupami
ngadangu pating beledagna sora mercon atanapi petasan. Angot upami
bari jeung ningal cahaya kilat mercon mah, maranehna mani paburisat
lalumpatan.

Waktos pribados keur leutik keneh mah, dina dintenan acara taun
enggal Imlek teh sareng babaturan sok patembalan ngucapkeun "Sin Cun
Kiong Hie" (Xin Chun Gong Xi) nu hartosna wilujeng mayunan musim
semi sinareng tahun enggal. Namung kiwari kalimah eta tos leungit
langki digunakeun. Rupina tos dianggap kuno sareng henteu trendi
deui, jalaran tos digentos ku kekecapan "Gong Xi Fa Cai "
atanapi "Kiong Hie Hoat Cay", nu hartosna mugia sukses salalawasna
atanapi wilujeng janten nu beunghar. Robihna eta kalimah teh jalaran
kiwari mah masarakat Tionghoa tos langkung mentingkeun orentasi
materi duit tinimbang sanesna. Pikeun nu hoyong langkung jitu atanapi
afdol, tiasa oge ngagunakeun kalimah Gong Xi Fa Cai – Wan Shi Ru Yi –
Shen Ti Jian Kang" nu pihartoseunana mugia sukses sinareng sehat
wal'afiat.

Mang Ucup

Tidak ada komentar:

Posting Komentar